
termenung
Hareudang bayeungyang, longkewang rasa, pinuh kakeueung mangsa diri nyukcruk jalur mapay laratan. Na saha ari diri? … Gunung luhur dijugjug, lamping gawir disorang, teu jerih ku pati teu gimir ku kanyeri da rasa mokaha teu katahan hayang “ngabalur” hate nu keur tunggara kadungsang-dungsang milari narpati sajati geusan ngabahudenda na ieu rasa…
Emh, Gusti. Diangken kudisim abdi yen kadar diri teh teu daya teu upaya, estuning teu walakaya kalayan rakhmat, kudrat sareng irodat Salira mah, geuning eta poek mongkleng angger “mongkleng” hideung ngagebleg basa Salira “can widi” masihan caang, nuhurung beureum angger ngalingkung mawa panasna hawa dunya mangsa salira can widi “ngipaskeun” lalangse hate, … tuh pikir jeung niat masih keneh “pasalia” patunggang tonggong “ngabarung” hejo konengna ieu pulas alam dunya nu mawa eungap jeung beurat kana ieu lengkah pikeun “ngadeuheus” kasalira…….
Ampun, Gusti.
Rumaos ieu diri teu acan sayakti gilig ngaping raga jasmani nepi ka rasa rohani pikeun teteg panceg ngadeuheus kasalira, ampun Gusti…rumaos seueur keneh liwarna….

